Download lagu Tibiast, Budi Dalton - Radjah Ruwat Bumi Mp3
Tibiast, Budi Dalton - Radjah Ruwat Bumi
Listen: 7
Artist: Tibiast, Budi Dalton
MP3 size: 3.72 MB
Duration: 04:04

Lirik:
Pun sapun Sampurasun amit ampun nya paralun
Agungna ka wujud gusti nu maha suci
Jembarna ka para luluhur sabudeur awun
Ka Ibu agung ka Rama agung
Ka ibu anu henteu muguran ka rama anu teu munggaran,
Deheusna ka ibu rama anu jadi cukang lantaran,
Urang gumelar di pawenangan
Dipirig ku anjing tumang manuk ciung dina tampan wanaraga galacangan
Diluhur galuderas sakti jangjang mayung dipayun lodaya bodas ngegeblay
Narapas jalan
Turun gunung gumawulung nete akar munding jangkar niti pasir nyorang
Awangan
Muruh waktu nyorang mangsa lolongkrang jaman
Nyungsi jangji nu kamari
Nyimpai wakca nu baheula
Ambuy wakcabagja ayeuna ku kurigana guriang tunggal daniang
Padjadjaran
Lain ngusik kula mantena
Lain ngahudang macan turuna
Lain ngungkit nu kamari
Lain ngungkat nu baheula
Rek ngaguar tutungkusan karuhun
Atuh ka luhur neda papayung
Papayung nu Maha Agung
Ka handap neda pangraksa
Pangraksa Maha Kawasa
Kaler Kulon Kidul Wetan
Mugi diaping dijaring
Atuh amit kanu mangku lembur
Ka nu nyungsi di nu sepi
Nu keur genah tumaninah
Bisi kausik keur calik
Kalangkah kaliliwatan
Neda agung nya kasami
Amit ngahudang ngawayangkeun
Disimkuring nyanggakeun sekar pangiring
Catur kabuyutan ka para papayung nagara oge ka papara tutunggul
Nu ngadeg dina batununggal tempat tepung na kuring jeung nu katukang
Tempat tepung na kuring jeung nu can ka sorang
Tempat tepung na kuring jeung nu hurung na
Atuh ka dulur kula anu sajeti
Anu calik palih kulon pamuka lawang bakar malaikat ajal putih
Ka dulur kula anu sajati anu calik di palih wetan
Bali bakir malaikat na purwa kawasa
Ka dulur kula anu sajati anu calik di palih kidul tali ari-ari bukur malaikat na untun rasa
Ka dulur kula anu sajati anu calik palih kaler getih putih malaikat na ajal bika
Roh bani sumareing na kadutlan khusus na asalna cahya bumi rupana hideung
Roh hewani sumareing na jajantung lan getih lan dangu asalna cahya genih
Rupana bereum
Rohani sumareing na ati na nya tapina pikiran lan ingetan asalna cahya angin rupana koneng
Roh mani sumareing na uteuk lan rasaban awas asalna cahya banyu rupana bodas
Roh ati sumareing na paparo anu nyata suci asalna tetesan indatyahung roh idopi sumareing na udel nu bijil ti kudus ya robbil kudus nu ngeusian roh lan raga lan sakabeh alam
Atuh sadat bawa iman sajati luluhi kulon nyawa-nyawa dipinding uragaraga ditindih urat sadat dat kahiyang dat ka tunggal dat yahung dat yahung dat yahung
Inten-inten ing manusa lulungguhan kulon na pas hurip-hurip na teu geuna ku pati lalanggeug na teu geuna ku owak hurip langgeung nu salwas na
Manawi atuh bahan katampi
Nyanggakeun kawula gusti sadaya daya kagungan pangawasa anjeun na
Geus han neteupkeun dina katunggalan wujud gusti anu maha suci
Jadi jalma anu manut kana rasa
Panceug pageuh dina diri anu cageur
Dina laku anu bageur
Dina polah anu bener
Dina pangarti anu pinter
Sangkan pinanggih gimulur
Rahayu bagja waluya
Rahayu rahayu rahayu
Kersaning gusti rahayu rahayu
Download Lagu Gratis Tibiast, Budi Dalton - Radjah Ruwat Bumi di Download Lagu Mp3 Terbaik 2025, Gudang Lagu Terbaru Gratis, Download Lagu Tibiast, Budi Dalton - Radjah Ruwat Bumi Mp3 - Lagu Terbaru. Download Lagu Tibiast, Budi Dalton - Radjah Ruwat Bumi.